Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda: Lebaran nu
Berkah
Khutbah I
الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر،
الله أكبر،الله أكبر، الله أكبر، الله أكبر
الله أَكْبَر كَبِيْرًا وَالْحَمْدُ لِلّهِ كَثِيْرًا
وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلًا. لَا إِلَهَ إِلّا اللهُ وَلَا نَعْبُدُ
إِلّا إِيّاهُ مُخْلِصِيْنَ لَهُ الدِّيْن وَلَوْ كَرِهَ الْمُشْرِكُوْن. لَا
إِلَهَ إِلّا اللهُ وَحْدَهُ صَدَقَ وَعْدَهُ وَنَصَرَ عَبْدَهُ وَأَعَزّ جُنْدَهُ
وَهَزَمَ الْأَحْزَابَ وَحْدَهُ، لَا إِلَهَ إِلّا اللهُ وَاللهُ أَكْبَرُ اللهُ
أَكْبَرُ وَلِلّهِ الْحَمْد
الحمد لله الذي فرض الصيام على عِباده المؤمنين وَ
جَعَلَهَا رُكْناً مِن أَرْكَان الإسْلام لِجَميعِ المسلمين وأمرنا بالمحافظة
عليها في كتابه المبين. أشهد أن لا اله الا الله الملك الحق المببن وأشهد أن سيدنا
محمدا عبده ورسوله الصادِقُ الوَعْدِ الأمين وصلى الله على سيّدِنا محمد وعلى اله
وأصحابه والتابعين إلى يوم الدين اما بعد فيا عباد الله أوصيكم واياي بتقوى الله
لعلكم ترحمون قال تعالى في كتابه الكريم أعوذ بالله من الشيطان الرجيم بسم الله
الرحمن الرحيم يا ايها الذين امنوا اتقوا الله حقَّ تُقاتِه ولا تموتُنَّ إلّا
وأنتم مُسْلِمُون
Allahu Akbar 3x
Sagala puji kagungan gusti anu maha suci
shalawat salam mugi salamina disanggakeun ka kangjeng Nabi Muhammad SAW katut
kulawarga shahabat sareng ka sadaya umatna anu mutaba'ah ka anjeuna tug dugi ka
yaumil kiyamah.
Sajagad raya umat Islam di dunia dinten ieu
nuju ngarasa bungah bahagia kulantaran tos beres ngalaksakeun dua kawajiban
nyaeta ibadah puasa sareng zakat fitrah.
لِلصَّائِمِ فَرْحتَانِ فَرْحَةٌ عِندَ إفْطَارِهِ
وَفَرْحَةٌ عِنْدَ لِقاَءِ ربّهِ
Saur pidawuh Rasulullah SAW, “Pikeun nu puasa
aya dua kabungah nyaeta nalika buka sareng naliku tepung jeung Allah jaga di
akherat”.
Ayeuna umat Islam kudu ngarasa bungah sabab
urang tos berhasil ngalakonan puasa dina sabulan lilana, pamugi wae puasa urang
jeng sagala ibadahna ditarima ku Allah SWT.
Allahu Akbar Allahu Akbar Allahu Akbar
Ibadah Puasa bisa ditingali tina opat jihat
nyaeta Aqidah, fiqih, etika jeung falsafah.
Kahiji, Tina segi agidah urang wajib nekadkeun
yen puasa teh bagian tina rukun Islam anu lima kalawan didadasaran ku dawuhan
Allah anu nyata jelas tur tandes dina al-quran al-karim.
Saha wae jalma anu ingkar kana wajibna puasa
ramadlon berarti murtad, hartosna eta jalma tos kaluar tina Islam, pon nyakitu
keneh anu teu puasa di bulan Ramadlon kalawan ingkar kana wajibna puasa maka
dihukuman murtad , nu kitu lain wae wajib qadlo tapi wajib disyahadatkeun deui,
lamun henteu syahadat deui eta jalma dihukuman kafir.
إِنَّ الَّذِينَ كَفَرُوا وَمَاتُوا وَهُمْ كُفَّارٌ
أُولَٰئِكَ عَلَيْهِمْ لَعْنَةُ اللَّهِ وَالْمَلَائِكَةِ وَالنَّاسِ أَجْمَعِينَ
خَالِدِينَ فِيهَا ۖ لَا يُخَفَّفُ عَنْهُمُ الْعَذَابُ وَلَا هُمْ يُنْظَرُونَ
Hartosna, ”saestuna ari jalma anu kafir tur
maot dina kaayaan kafir maka eta jalma-jalma teh bakal meunang la’nat Allah,
malaikat jeung sakabeh manusa, maranehna abadi di Naraka tur moal meunang
karinganan sarta moal ditingali- tingali acan” ( Qs. Al-Baqoroh: 161-162)
Ancaman dina ayat ieu diantarana ditunjukeun
pikeun jalma anu ingkar kana wajibna puasa, kalawan ancamannana naraka
salalawasna.Sedengkeun keur jalma anu henteu puasa tanpa uzur bari nekadkeun
kana wajibna puasa, maka dihukuman jalma durhaka, kalawan wajib thobatna jeung
ngodoan dina bulan sejenna.
Kadua, dina segi fiqh, puasa kudu
dilaksanakeun kalayan akur jeng katantuan hukum diantarana rukun puasa kudu
niyat di waktu peuting jeung ngajaga tina sagala rupa anu matak ngabatalkeun
dina waktu beurangna. Sedengkeun sahna puasa kudu beragama Islam, mumayyiz
(hartina bisa ngabedakeun antara hade jeng goreng), terus puasa teh kudu suci
tina darah hed jeng nifas.
Puasa mung wajib keur jalma anu berakal,
baligh jeung mampu ngalaksanakeunnana. Sedengkeun keur jalma anu henteu kuat
saperti anu gering jeung musafir henteu wajib puasana, tapi wajib qado di bulan
sejenna.
أَيَّاماً مَّعْدُودَاتٍ فَمَن كَانَ مِنكُم مَّرِيضاً
أَوْ عَلَى سَفَرٍ فَعِدَّةٌ مِّنْ أَيَّامٍ أُخَرَ وَعَلَى الَّذِينَ
يُطِيقُونَهُ فِدْيَةٌ طَعَامُ مِسْكِينٍ فَمَن تَطَوَّعَ خَيْراً فَهُوَ خَيْرٌ
لَّهُ وَأَن تَصُومُواْ خَيْرٌ لَّكُمْ إِن كُنتُمْ تَعْلَمُونَ
"Hartosna, puasa dina pirang pirang poe
anu ditangtukeun, saha wae anu teu puasa lantaran gering atawa musafir maka
qodoan puasana dina poe lain, sedengkeun lamun teu mampu puasa sabab uzur maka
kudu diganti ku fidyah nu dipasrahkeun ka jalma miskin anu lobana samud
sapoena, jeung saha jalma anu nyieun kahadean kucara nambahan fidyah maka eta
leuwih utama, jeung lamun puasa eta leuwih hade pikeun aranjeun kitu ge lamun
aranjeun pada ngarti.” (Qs. Al-Baqarah, 184)
Katilu, masalah etika dina puasa mangrupakeun
pokok pergaulan sapopoe, mun jalma boga etika pasti bakal dihargaan, tapi ulah
miharep jalma ngahargaan lamun urang hente pernah ngahargaan ka batur.
Etika anu puasa atawa anu henteu puasa pada-
pada wajib silih ajenan. Keur anu henteu puasa etikana kudu nutupan yen dirina
henteu puasa, ulah sembarangan cuam caem balangdahar di mana wae. Masalah puasa
eta urusan pribadi, rek puasa heug henteu oge heug, ngan kahayang teh kudu boga
kaera mun bulan puasa balang dahar sembarangan, paling saeutik kudu era ku
jelema lamun teu era ku gusti Allah. Mun teu boga kaera ku jalma berarti eta
nandakeun yen dina dirina henteu boga iman.Saperti pada umum jalma anu beda
agama, malah sopan keneh jalma non muslim sok ngahargaan sanajan manehna teu
puasa.
Sedengkeun keur jalma anu puasa kanu henteu
puasa etikana kudu ngelingan, kucara mere nasehat atawa ngawurukan sangkan
urang ngajaga balang dahar sanajan henteu puasa. Sabab penting kacida urang
ngajaga tina penilaian negatif batur terhadap diri urang, sahingga ulah
dianggap ku batur yen urang tara puasa tara shalat tara ibadah, kajaba mun
urang geus bener-bener henteu ngaku kana agama Islam. Dina agama Islam aya
wacana mun berbuat maksiat bari nyumput eta masih aya kahadean keneh. tapi
lamun nyieun kagorengan bari terang terangan nandakeun geus ruksak imanna. Saur
Kangjeng Nabi yen era teh bagian tina iman
الحَيَاءُ مِنَ اْلإِيْمَانِ
Hartina lamun jalma teu biga kaera dina waktu
berbuat maksiat berarti eta jalma geus kurang imanna.
Allahu Akbar Allahu Akbar Allahu Akbar
مَنْ رَآى مِنْكُم مُنْكَرا فليغيره بيده فإن لم يستطع
فبلسانه وإن لم ييستطع فبقلبه وذلك أضعف الإيمان
Hartosna, "saha jalma anu ningali pamungkaran
di antara anjeun maka kudu ngarobah ku leungeunna, mun henteu mampu ku leungeun
kudu ngarobah ku letahna, jeung lamun henteu mampu ku letah kudu ngarobah ku
hatena, jeung eta teh panglemahna iman" kitu numutkeun pitutur Rasulullah
SAW.
Dumasar kana hadits diluhur ngandung harti yen
mun aya pamungkaran ulah diantep tapi kudu di da'wahan sesuai kamampuan
masing-masing.
Allahu Akbar 3x
Kaopatna, ari puasa ditingali tina segi
falsafah nyaeta terwujudna perobahah sikap mental, moral, spiritual, emosional
jeng sosial.
Mental jalma anu puasa kudu tahan uji kudu
siap menghadapi sagala rintangan jeung tantangan, kudu sabar, ulah cengeng ulah
epes meer ulah teu kaopan, ulah ngarasa lemah ulah ngarasa minder.
وَلَا تَهِنُوا وَلَا تَحْزَنُوا وَأَنتُمُ
الْأَعْلَوْنَ إِن كُنتُم مُّؤْمِنِينَ
Hartosna, poma anjeun ulah ngarasa hina ulah
ngarasa nalangsa, sedengkeun anjeun teh jalma anu luhung lamun anjeun tetep
jadi jalma anu beriman. (Qs Ali Imran 139)
Pidawuh Rasulullah SAW
الْمُؤْمِنُ الْقَوِيُّ خَيْرٌ وَأَحَبُّ إِلَى اللَّهِ
مِنْ الْمُؤْمِنِ الضَّعِيفِ وَفِي كُلٍّ خَيْرٌ احْرِصْ عَلَى مَا يَنْفَعُكَ
وَاسْتَعِنْ بِاَللَّهِ, وَلَا تَعْجَزْ
Hartosna, ari jalma mumin anu kuat eta leuwih
alus jeung leuwih dipikacinta ku Allah dari pada mukmin anu lemah, kulantaran
eta kudu sumanget neangan nu mere manfaat ka anjeun sarta anjeun ulah ngarasa
lemah. (al-Hadits)
Moral jalma anu puasa kudu leuwih hade,
diantarana kudu mampu ngajaga letahna tina nyarita bohong sumpah palsu, gibah,
nyarekan batur jeung sajabana. Sabab ceuk kanjeng Nabi, Allah henteu butuh kana
puasana hamba lamun eta hamba henteu mampu ngajaga tina omongan bohongna,
hartina jalma anu puasa akhlakna kudu leuwih hade, rumah tanggana kudu leuwih
trentrem oge barudakna kudu leuwih soleh.
Secara spiritual jalma anu puasa kudu leuwih
peka hatena, mampu ngarekam sagala isyarat-isyarat Allah nu aya dina
damelanana, boh damelan nu aya di langit, di bumi, nu aya dina awak atawa anu
aya dina Al-quran.
إِنَّمَا الْمُؤْمِنُونَ الَّذِينَ إِذَا ذُكِرَ اللَّهُ
وَجِلَتْ قُلُوبُهُمْ وَإِذَا تُلِيَتْ عَلَيْهِمْ آيَاتُهُ زَادَتْهُمْ إِيمَانًا
وَعَلَى رَبِّهِمْ يَتَوَكَّلُونَ
Hartosna, saestuna ari jalma anu iman dimana
disebut jenengan Allah bakal sieun hatena, jeung dimana dibacakeun ayat-ayat
Allah bakal tambah imanna sarta ka Allah tambah tawakkalna (Qs, Al-Anfaal 2 ).
Sacara emosi jalma anu puasa kudu mampu
nyengker tina sagala kaambek, Kangjeng Nabi midawuh yen lamun aya jalma ngajak
pasea sedengkeun urang keur puasa bejakeun yen urang keur puasa, pon nyakitu
keneh mun aya nu ngambek.
Oge Kangjeng Nabi midawuh yen saestuna ari
jalma anu gagah lain anu sok sosorongot tapi jalma anu gagah mah jalma anu
mampu mengendalikeun nafsuna lamun aya kaambek.
Allahu Akbar 3x
Saterusna jalma anu puasa sacara sosisial kudu
hade jeung balarea, kudu ngajaga hubungan jeung dulur, kudu akur jeng batur
sakasur, batur sadapur jeung batur salembur.
Utamana daek silaturahmi, gede hampura, jembar
manah sarta ulah saruana mun aya jalma nu goreng adatna.
Kahadean anu paling gede ganjaranana di bulan
romadlon nyaeta nulung kanu butuh nalang kanu susah, sanajan ngan ku carita
atawa bahasa.
Pidawuh Rasullullah, "Saha jalma
nyumponan hajat jalma Islam di bulan ramadlon maka Allah bakal nyumponan sarebu
hajatna dina poe kiyamah."
مَّن يَشْفَعْ شَفَٰعَةً حَسَنَةً يَكُن لَّهُۥ نَصِيبٌ
مِّنْهَا ۖ وَمَن يَشْفَعْ شَفَٰعَةً سَيِّئَةً يَكُن لَّهُۥ كِفْلٌ مِّنْهَا ۗ
وَكَانَ ٱللَّهُ عَلَىٰ كُلِّ شَىْءٍ مُّقِيتًا
"Sing saha jalma anu ngabantuan kana hade
pasti bakal meunang bagian tina kahadean, sedengkeun lamun jalma ngabantuan
kana goreng pasti bakal meunang kagorengan, saenya Allah eta kacida maha
kuatna” (Qs Al-Nisa 85-86)
Pidawuh Rasul anu hartosna yen
"Saestuna Allah SWT salawasna bakal
nulungan hambana salami hamba eta masih sok tutulung ka sasama hambana" (
Al-Hadits).
Dina Qs Al- Maidah ayat dua saur Allah
وتعاونوا على البر والتقوي ولا تعاونوا على الاثم
والعدوان واتقوا الله ان الله شديد العقاب
Hartosna, "jeung kudu silih tulung
tinulung aranjeun dina kahadean jeung katakwaan, sarta ulah silih tulung
tinulung aranjeun dina perbuatan dosa jeung permusuhan"
Ibadah puasa kudu mampu ngarobah tina sifat
sewang-sewangan kana sifat gotong royong, anu tadina pedit jadi berehan, anu
tadina haseum budi jadi someah.
Tah ieu anu disebut kasolehan sosial, ulah
lebar ku harta da harta moal dibawa maot.Urang kudu ngabersihan hate tina cinta
kana dunya ku cara loba sodaqah anu ikhlas.
Yu urang titipkeun harta urang supaya nepi ka
Allah melalui panti asuhan, pondok pesantren, masjid, majlis ta'lim jeng nu
sejenna malak mandar eta harta jadi syafaat jaga di poe kiamah.
Pamugi puasa urang sing jadi benteng tina
sagala bentuk maksiat sarta jadi panyinglar tina penderitaan dunya akhirat,
amin ya rabbal alamin
بارك الله لي ولكم ونفعني وإياكم بالايات وذكر الحكيم
وتقبل مني ومنكم برحمتك يا أرحم الراحمين
Khutbah II
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ اِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ
عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ
وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا
عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى
سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَاَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا
كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ
فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهّ أَمَرَكُمْ
بِاَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ بِقُدْسِهِ وَقَالَ
تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآ ئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا
الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ
عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ
سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ
اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى
بَكْرٍوَعُمَروَعُثْمَان وَعَلِى وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ
وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَىيَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ
عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ
وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ
أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ
وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ
مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَالدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ
إِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ
وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا
وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ
اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى
الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ.
رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَاوَاِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا
لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ. عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا
بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ
وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوااللهَ
اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ
اللهِ أَكْبَرْ
* DR KH Abun Bunyamin, Pimpinan Pondok
Pesantren Al-Muhajirin; Rais Syuriyah PCNU dan Ketua Umum MUI Kabupaten
Purwakarta
http://www.nu.or.id/
GRIYA HILFAAZ
Busana Muslim Berkualitas
💈webinfo : www.griyahilfaaz.com
💈IG : @griya_hilfaaz
💈Shopee : @griya_hilfaaz
💈Facebook: @griya_hilfaaz
💈Tokopedia: @griya_hilfaaz
💈Bukalapak: @griya_hilfaaz
![]() |


EmoticonEmoticon